UNSUR INTRINSIK DAN EKSTRINSIK NOVEL SUNDA BARUANG KA NU NGARORA



I.                   Unsur Intrinsik Novel





1.      Judul Novel     : Baruang Ka Nu Ngarora
2.      Tema               : Ngahasut atawa Baruang
3.      Latar                :
Ø  Tempat : Di bumina Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar, Di bumi Nyi Piah, Ujang Kusen, Aom Usman, Abdullah,
 Di desa Nyi Piah sareng Ujang Kusen , sareng di Kebon Kopi.
Ø  Waktu : Peuting, buktina aya dina kalimah “Ari peuting harita teuing ku caang bulan,” Jeung sakabeh waktu oge aya.
Ø  Suasana : Bungah, buktina waktos Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen nikah. Emosi, sedih jeung tegang waktos Nyi Rapiah kabur ti bumina sareng ninggalkeun Ujang Kusen nikah jeung Aom Usman. Nyeri Hate waktos Ujang Kusen jadi lalaki teu beneur jeng dibui.
4.      Galur               : Měrělě
5.      Sudut Pandang : Urang Ka-3 Serba Nyaho
6.      Gaya Bahasa   : Ngagunakeun basa Lemes
7.      Tokoh Dan Penokohan
No
Ngaran Tokoh
Watek jeung Sipatna
1.
Nyi Rapiah
Bageur jeung polos awalna, tapi pas kadituna saatos nikah jeung Ujang Kusen, manehna hianat.
2.
Ujang Kusen
Suami nu sabar, tapi kadituna jadi sokngekang ka nu jadi istri. Saatos pisah jeung Nyi Rapiah jadi lalaki hidung belangnepika dibui.
3.
Aom Usman
Henteu konsisten, bageur tapi jadi licik jeung hianat, jadi ngaduakeun Nyi Rapiah.
4.
Nyi Dampi
Rendah Hati, sok mere nu alus ka batur.
5.
Haji Abdul Raup
Bageur jeng bijak.
6.
Istri Haji Abdul Raup
Penyayang.
7.
Haji Samsudin
Bijak.
8.
Istri Haji Samsudin
Penyayang.
9.
Haji Banisah
Pengasih.
10.
Agan Ali
Tokoh sampingan.
11.
Abdullah
Imut, tapi rada licik.
12.
Haji Tayib
Tokoh sampingan.






8.      Amanah Jeung Pesen : “Urang hidup di dunya teh tong gampang kahasut kubatur, boh eta jalma anu deukeut jeung urang boh nu karek kenal, ulah sampe urang kabawakeun ka jalan nu teu bener. Lamun urang geus terjerumus kanu teu bener rugi jeung hanjakal anu aya engkena.”

9.      Sinopsis / Penggalan Carita
Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar meuni rame pisan,kulantaran anakna nyaeta Nyi Rapiah rek di lamar ku Ujang Kusen. Teu lami nyi rapiah jeung ujang kusen akhirna nikah. Kulantaran maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna pindah ka hiji desa nu jauh tina desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku ceurik kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah nyengceurikan nyi piah supados nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng ujang kusen nepi ka desa di deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi piah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan,kulantaran manehna teu biasa tinggal di tempat nu jauh timana – mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti kahidupan mewah nu biasana manehna jalankeun.

Teu lila, dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta, akhirna Nyi Piah kabur sareng Abdullah bade ka imah kolotna. Singket carita Nyi Piah sareng Ujang Kusen teh papisah anu akhirna Nyi Piah nikah ka lalaki anu pernah kaedanan ka Nyi Rapiah eta. Aom Usman lalaki nu dipicinta Nyi Rapiah oge, tapi teu lila Nyi Piah di candung ku Aom Usman, ceurik weh Nyi Piah kulantaran nyeri hate jeung nyesel ninggalkeun Ujang Kusen demi si Aom Usman. Tapi Nyi Piah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna dicandung. Sami jeung Nyi Piah, diluar ditu Ujang Kusen ge jadi jalma nu teu bener, senggeus papisah jeung Nyi Piah. Manehna jadi lalaki hidung belang sok maen awewe, mabok jeung ngadu, Tragis kulantaran sikapna nu kos kitu Ujang Kusen di bui.


II.                Unsur Ekstrinsik Novel

·         Identitas Buku :
1.      Judul : Baruang Ka Nu Ngarora
2.      Kenging : Daeng Kanduruan Ardiwinata
3.      Penerbit : Wedalan PT Kiblat Buku Utama
4.      Rarancang Jilid : Tim Kreatif Kiblat
5.      Gambar Jilid : Esti Lestarini
6.      Citakan : Februari 2013
7.      Tebelna : 107 lembar


Disusun ku:
1.  Dede Amung
2. Aswadi S
3. Surma
4. Arif Surya H
5. M. Agus Tomi
6. Ahmad Baijuri

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Perkembangan Industri Manufaktur dan Konstruksi di Indonesia

Industri Manufaktur di Indonesia: Pertumbuhan dan Tantangan